Subscribe Us

Risalah Ziarah H. Tatang Syahrudin




RUNTUNAN RIWAYAT
RIHLAH MUQQODASAH

PERJALANAN SUCI
KA
MADINAH MUNAWAROTUL MEKAH AL-MUKAROMAH
“Dina Raraga Ibadah Haji Sareng Umroh”


Dibeberkeun Ku :
Bapa jeung Mamah,
Haji Tatang Syahrudin
Hajjah Mimin Siti Aminah

Disusun Ku :
Wawan Ridwan

 “Harewos Nu Jadi Carios, Mugia Kahartos Kanu Maraos,
Tur Ngartos Kanu Ngaraos
Satitik Pangarti Nu Ngancik Dina Ati, Mugi Jadi Sari Rejeung Tati,
Kanu Milari Cai Suci Oge Nur Illahi”

“Pepeling Keur Anak Incu Bapa, Miboga Rasa Jeung Kahayang,
Milangkala Ngaraih Syurga,
Beja Keur Asep Agung Jeung Astri, Meh Teu Asa-Asa Ngalalakonan Cita-Cita,
Mugia Manfaat Jeung Barokah Ka Sadayana”

03 Oktober – 14 November 2012
13 Dzulqaidah – 29 Dzulhijah 1433
2012 M / 1433 H


 

JAJAP PANGANTEUR


Bismillahirrahmannirrahim.
Hamdan Wassyuqronlillah, Washolatu Wassalamu Ala Rasulillah Waala Alihi Wasahbihi Waman Tabi’ahuda Waba’du.
Sugrining puji, anu jadi pamatri ati sanubari, puja anu janten panghias rasa, bismillah anu jadi kawitan hamdallah, pangleler manah syukur ka Dzat anu Maha Ghapur, anu ni’mat kanyaahna teu kabilang teu kaukur.
Shalawat sarawuh salam ka kersa panutan jungjunan alam kakasih pangeran Nabi Muhammad SAW nu dipiasih, ka kulawargana, oge para sahabatna pisan tug dugi ka urang sadayana, para umatna anu senantiasa nyepeng pageuh kana sunnah tur jamaahna,
amiin....

Anaking,....!
Asep, Ela, Agung, Tina, Nia, Astri, Ijang, Eneng, Fikri,
sareng incu-incu,  adi-adi sakabeh,
Bapa jeung mamah teu bisa cumarita teu kaduga
Kaluar sora teu apal timana mimitina ngaguar pangalaman basajan,
Ngan sing jadi pamahaman ka anak minantu, incu,  adi-adi,
Tikawit indit dugi ka balik,
Rek nyoba diguar sakaduga bapa jeung mamah,
Pernahna manasik haji oge umrohna
Muga mangfaat ka sadayana.
Amiin....



                                      Mekah Al-Mukarommah, 16 Djulhizah   1433 H
Bapa jeung Mamah,
H. Tatang Syahrudin
H. Mimin Siti Aminah





Babaran Ka 1                                              
PERSIAPAN SAACAN ANGKAT

Ngawitan Carita....
Asep, Ela, Agung, Tina, Nia, Astri, Ijang, Eneng, Fikri, sareng incu-incu, adi-adi sakabeh,
Bapa jeung mamah angkat ka Tanah Suci teh teu cukup ku cikur teu cumpon ku kahayang jeung lamunan.
Tapi geuning kudu disarengan ku patekadan anu pengkuh, sabab urang bakal hirup dilembur batur, dimana manusa dibere daya menikar kahirupan ngabuah adat istiadat kabudayaan, unggal suku bangsa jeung lembur padumukan sewang-sewangan, jadi kudu bisa ngolah adaptasi atanapi nyesuaikeun diri.
Lian ti kitu oge aya sababaraha persaratan administrasi jeung hal-hal anu cukup rumit, diantarana :
1.     Sakur-sakur nu bade angkat zarah haji, kedah gaduh Rekening Tabungan Haji Indonesia ( THI )
THI di bank pamarentah saperti ; Bank Mandiri, BRI, atanapi BNI dugi kurang leuwihna 20 juta rupia, nembe tiasa didaftarkeun ka Kantor Depag Kabupaten / Kota Bandung, namina SPPH (Surat Permohonan Pergi Haji), syaratna ; KTP, Kartu Keluarga / KK, Buku Nikah / NA, Poto warna, 3 x 4, 60 siki
Saparontosna gaduh SPPH, teras ka bank tempat bapa nyetor kanggo nyuhunkeun Nomor Porsi Transper ka SASKOHAT HAJI PUSAT di Depag Jakarta, ( anu 20 juta rupia tea kanggo ONH / BPIH, Biaya Perjalanan Ibadah Haji, biaya pelunasanana mah engke mun tos kapanggil Manasik ku Urhaj Depag Kab/Kota ), saparantosna aya putusan BPIH ti Presiden RI.
2.    Saatosna gaduh SPPH sareng BPIH / ONH ti bank,
Enggal-enggal naroskeun deui ka Depag Kab/Kota Bandung naroskeun nomor porsi lebet kuota tahun sabaraha angkatna, kacandak daftar tunggu  atanapi Waitting List
3.    Saparantos kitu mah kantun persiapan pisik, pesak tur paseuk bari ngantos panggilan ti Depag.
4.    Ujang, nyai anak bapa .....!
Haji tur umroh teh geuningan teu bisa diwangwang, “...ah nu penting kumaha engke....” teu bisa kitu anaking.....!
Rumasa bodo mah urang kedah tataros kanu ngartos, gampilna milari we KBIH ( Kelompok Bimbingn Haji & Umroh ), anu aya sertifikat resmi ti Depag tur wanoh, caket, oge tanggung jawab ngurus urang di lembur tur di tanah batur.
5.    Bapa jeung mamah ngiring KBIH Thuba di Desa Tanjunglaya Kec. Cikancung Kab. Bandung, dibina ku Pangersana Bapak KH. Rahmat
Bimbingan manasik dilaksanakeun tikawit bulan jumadil akhir tiap dinten ahad tabuh salapan enjing-enjing dugi ka rengse kirang langkung waktu lohor, di Masjid Thuba Tanjunglaya, praktek jeung kafiyahna dilaksanakeun unggal dinten ahad.
6.    Sakira bulan juni 2012, bapa jeung mamah menang beja nu pikabungaheun, alhamdulillah kacandak kuota taun ieu, nyaeta tahun 2012. Bungah bari tagiwur, margi kedah nyumponan sababaraha rupi persyaratan jeung administrasi anu saterasna, diantarana ;
a)    Pelunasan BPIH di bank tempat ngawitan nyetoran THI, sakitar 3.444 Dolar Amerika, mun dirupiahkeun sakitar 35 jutaan waktu harita.
b)   Uang Bimbingan Haji.
c)    Ngadamel Passport di Kantor Imigrasi Jl. Suci Bandung,
d)   Teras Medical Check Up pertama,Tes Darah, Tes Urine Jeung Sapuratina.
e)   Passport sareng KTP Internasional sami ngadamelna di Kantor Imigrasi Jl. Suci Bandung, persyaratana ; ngeusi formulir, fotocopy KTP, Kartu Keluarga, Buku Nikah, Akte Lahir/ Ijasah naon wae.
Nami kedah tilu kecap, mun kurang ditambah ngaran kolotna, photona langsung diditu, jiga photo SIM Passport hejo Internasional, berlakuna 5 taun, ku eta passport bisa dipake oge ka luar negri salain ibadah haji.
Saterasna ke dilereskeun ka KBIH / Depag Kabupaten, mendak-mendak deui passport teh engke di Asrama Haji Bekasi. Buku Passport Haji aya dua, anu hejo internasional ti imigrasi, sedengkeun anu coklat ti Depag.
f)    Ari cek kasehatan, tahapanana :
1)    Medical Check Up di Laboratorium klinik, dipariksa getih, cai ompol, rontgen, rekap jantung tur USG keur awewe.
2)   Hasilna dipasihkeun ka puskesmas setempat, engke dipasihan buku hejo kasehatan Depkes anu hasil lab dilebetkeun ka eta buku anu disebut pemeriksaan kesehatan ke 1.
3)   Pamariosan kesehatan ka dua, di RSUD Cicalengka, hasil kasehatan anu dina buku hejo kasehatan haji di check up deui teras di Vaksin Meningitis jeung Flu.
4)   Anapon pemeriksaan kasehatan ka tiluna mah engke di Asrama Haji Bekasi.
5)   Upami gaduh panyawat anu khusus supdos enggal diterapi, ngarah dinu waktosna tiasa jagjag waringkas ngalaksanakeun sadaya kagiatan ibadah, obat-obatan khusus kedah disiapkeun, pami peryogi kedah dibekel kana tentengan.
g)   Ari koper, tas tentengan, tas gantung eusi passport jeung buku kasehatan dipasihkeun ku Depag, dupi kain ihrom mah sok dipasih ku bank / KBIH.
h)   Rupa-rupa bebekelan keur di Tanah Suci sok dijelaskeun ku KBIH atawa waktu manasik di Depag  Kabupaten jeung manasik di KUA, saacan angkat biasana dipasih daftar umum sapuratina.
Memang tiap jalmi ngagaduhan pangalaman rupi-rupi masing-masing, anu terkadang aya bentenna, kumaha nasib anu menimpana, namung urang kedah gaduh patokan umum anu diinformasikeun ku KBIH atanapi Depag salaku panitia penyelenggara ibadah haji.
Dina waktuna manasik sok ditambah ku buku-buku anu dianggap perlu, bahkan engke oge urang dipasihan buku paket ti Urhaj Depag, gratis..! anu eusina tentang rangkaian kagiatan urang salami ibadah haji, oge du’a-du’a anu diangge salami kagiatan manasik.
Tah kitu pondok caritana mah persiapan-persiapan umum sawaktos dilembur keneh, da sawana loba kasaksi ku sarerea ieuh....!


Babaran Ka 2                                              
KAGIATAN SABADE ANGKAT

Sabada Passport beres, BPIH punah, cek kasehatan kahiji kadua oge rengse, manasik haji beuki ditingkatkeun di KBIH oge di Depag Kabupaten oge KUA, di KUA genep kalian sedengkeun di kabupaten opat kali.
Ari bebekelan oge cacandakan dibeberes dina koper, nyuhunkeun heula pandangan kanu parantos arangkat haji. Salajengna ngayakeun salametan pangjurung du’a ti sadaya kulawarga, kerabat jeung tatangga bari nglubarkeun dosa tur alpa.
Reeus tur bagja gening...!, loba nu nyaah ka bapa jeung mamah, sakabehna persiapan tur kegiatan dirojong ku balarea, adi, emang, bibi, wargi nu tebih, dulur salembur sadesa, tur nu jauh baraya nu anggang datang, babaturan seja du’a, guru ustad ulama pada aya du’ana, pamarentahan ngiring ngabring utamana mah du’a jeung pangdeudeul ti adi-adi sepuh-sepuh urang. Bari terus muntang ka Gusti anu Maha Suci, bapa jeung mamah muru waktu nu tangtu nyaeta nincak poe rebo tanggal 3 oktober 2012 atanapi 17 hapit 1433 H, bapa jeung mamah kaasup kana kloter 41 JKS Rombongan 5 Embarkasi Bekasi.
Indit sirib sapiri umpi diiring-iring ku wargi-wargi diabrul ku dulur-dulur, diwuwuh ku para sepuh dijajapkeun sadaya baraya.
Tanggal poe eta bapa jeung mamah kaluar ti imah seja pasrah sumerah ka Hyang Agung dikawitan ku Sholat Saparullhajj nu dipandu ku para guru, dipumpin ku guru ngaji dipapat ku para ustad. Bral miang ka Lanud Sulaeman di Kopo, dikumpulkeun sareng arahan ti bapa bupati, kepala Depag Kabupaten Bandung. Bapa jeung mamah katut rombongan berangkat ka Asrama Haji Bekasi jam 12 wengi.
Dipiring ku wirid disarengan ku du’a jeung dikir, beus nomer lima mulai maju, nyurucud cai soca ngantunkeun kulawarga, lemah cai, tapi panceg tekad rek babakti ka Gusti, dugi ka Cibening, sholat subuh, istirahat heula.....
Jam genep beus angkat deui, dugi ka Bekasi jam tujuh enjing-enjing disambut ku petugas haji. Bapa dipariksa kasehatan katilu, terus ditempatkeun di Blok 6, siangna bada sholat lohor aya manasik akhir ti petugas haji Bekasi Tanggal 4 oktober 2012.
Tanggal 5 oktober 2012, .....
Dibagi geulang jamaah haji anu eusina data nami, kloter, embarkasi. Anu penerbangan langsung kudu diangge saharita sing pageuh ulah lesot salami haji dugi ka uihna deui, teras oge dibagi inning cost ( biaya hirup 1.500 real, sakitar 3,9 jutaan rupia ), obat-obatan sapuratina.
Teras berangkat ka Bandara Sukarno Hatta di Cengkareng Tanggerang jam 12, dugina ka terminal 3 khusus jamaah haji. Dipariksa sawak-awak, kantong tentengan jeung kantong gantung wadah passportna. Alhamdulillah beres roes teu aya bancangan nanaon pisan.
Sakira jam tujuhan enjing-enjing, ngabring ti ruang tunggu bandara nuju ka pesawat Air Bus Saudi Arabia Airlines nu eusina 450 urangeun. Bapa dina pesawat meunang korsi nomer 192 sedengkeun mamah nomer 191 pernahna luhureun jangjang. Kakawasaan Gusti, kapal terbang nu sakitu gedena ngawitan ngerejeg maju bade take off tinggal landas. Sakira kurang leuwih 10 menitan naek kaluhur sadaya penumpang kedah make sabuk pangaman anu dipandu ku para pramugari. Pas dina katinggian 10 rebu knot pas dina jalurna mah teu karasa maju jeung geteranana. Para pramugari ngawitan sibuk nawisan rupi-rupi leeuteun tur kadaharan. Dibejaan ku kapten pesawat yen urang bakal ngapung sakira 9 jaman, sapanjang jalan disetel TV tayangan manasik haji. Setiap pusi-pusi kapal keur masalah, kapten kapal sok ngawartosan kedah nganggo sabuk pengaman, sakira jam 9 wengi dugi ka Bandara Malik Fahd, Arab Saudi.
Bapa saparakanca sujud syukur salamet bisa nincak Tanah Suci Arab Saudi, diabringkeun ka ruang tunggu, dipariksa jiga di bandara Jakarta, ditambah cek/kt kesehatana langkung rumit da teu ngalarti bahasana, beres tidinya dijajapkeun ka Hotel Madinah rombongan sarombonganana.

Babaran Ka 3                                              
KAGIATAN DI MADINAH AL-MUNAWWAROH

Hawar-hawar sora adan asar di Masjid Nabawi nu nyentug kana qalbu katingali ti katebihan munara mesjid anu ngajungkiring luhur.
Tanggal 5 oktober 2012, ....
Poe jumaah waktu asar bapa dilebetkeun ka Al Muhtara Tower Hotel. Teu kabujeng arba’in asar da tebih, kira-kira 1.500 meteran. Bapa ditempatkeun di lantei 7, kamar nomer 441. Bapa jeung mamah henteu sakamar da dipisahkeun antara lalaki jeung awewe. Sakamar tujuh urang, pamondokana cekap, refresentatif, aya kulkas, kamar, WC, dilebet kamar. Cai panas/tiis ( water hot/cold ), full AC, oge spring bed dobel, raoslah pokona mah alhamdulillah.
Salami di Madinah dalapan dinten lamina, para jamaah dipasihan tuang / cattering dua kali sadinten, tos sholat lohor sareng isa. Menuna Indonesia gaya Arab, raos pisan upami diraraosken mah. Sakirangna mah kedah milarian nyalira, upami hoyong ngopi atanapi teh atanapi emih, saena cacandakan ti lembur ambeh teu aneh rasana. Langkung sae mekel teko pamanas cai, atanapi kompor listrik supados dina waktosna rusuh tiasa naheur cai saenggalna. Sakira jam dalapan sabada istirahat jeung persiapan sapuratina rombongan dipimpin ku KH. Rahmat, Karom KBIH Thuba ngabring mapah ka Masjid Nabawi, mapay raratan seja nyuprih sunan pangeran.
Lir disamber kilat geledeg numatak ngadegdeg, bray...! masjid nabi nu mulya katingali, teras zarah ka Makom Rasul Nabi Muhammad SAW, Abu Bakar tur Umar Bin khatabb. Batur nu sakamar nyorocod tuur leah manah  getir ati ningal makam rasul nabi nu dianti-anti, mencerong bangunan nu matak kagagas du’a tur tawasul oge tahlil bergema berkumandang sepanjang jalan sabunderen makam nabi. Teras dilajengkeun ka pakuburan para isteri rasul jeung para sahabat-sahabatna. Saterusna dibagi ku petugas haji Kloter 41 JKS mulai arba’in, sholat berjama’ah 40 waktu 8 dinten ti malam sabtu, 5 oktober 2012 waktu maghrib dugi ka waktu asar 12 oktober 2012. Alhamdulillah bapa jeung mamah tamat arba’in teu aya nu kalangkung.
Ari kagiatan sapanjang di Madinah nyaeta arba’in tea, i’tikaf, sholat-sholat sunat, tilawatil Qur’an, wirid jeung sajabina, diselang ku jum’atan sareng zarah-zarah katempat nu bersejarah.
Panto lebet ka Masjid Nabawi antawis istri sareng pameget dipisah ku hijab dinding papan oge terpal bodas, istri lebet ti gigir jeng pengker unggal juru. Sedengkeun pameget ti gigir oge kaarah kapayun dugi pangimbaran, janten teu pacampur jiga di Masjid Harom Mekkah.
Dilebet Masjid Nabawi oge ngajajar cai Zam-Zam anu dikirim ti Mekkah. Petugas teras ngeusi cai teu kantos kosong diungal tihang sajajalan aya tong, teu kedah mekel cai ka masjid, asal kersa ngaleeutna moal aya kirangna. Namung aya nu tiis tos dicampur es (ma’ul barod), aya nu asli da aya tulisana. Petugas cai Zam-Zam nu ngangge seragam coklat sareng seragam kebersihan nu ngangge seragam hejo teras digawe, ulah ninggali cai ngampret atawa karpet kotor teu diberesihan, subhanallah....!
Ari petugas masjid ku para pengurus DKM nu berjubah bodas ditiap panto ngatur posisi jamaah di sababaraha tempat ditambih ku pulisi sareng tentara ( Askar ) berseragam militer kanggo ngajagi katentraman berjamaah.
Poe ahad 7 oktober 2012,......
Bada subuh bapa saparakanca  ngangge beus nu disadiakeun gratis ku petugas haji muru zarah ka Masjid Quba, masjid anu kahiji didamel ku rasul saparantos hijrah. Didinya bapa sholat sunat tahiyyatulmasjid, teras ka kebon kurma rasul, pasar korma, teras dilajengkeun ka Jabal Uhud tempat perangna rasul anu umat Islam kawitanana meunang, namung akhirna eleh kumargi aya sahabat nu ribut moro rampasan perang ( ghonimah ), dugi ka paman rasul Sayyidina Hamzah gugur dibedah dadana dicabut jantungna dituang ku Hindun istrina Abu Sufyan, pemimpin kafilah kafir Quraisy. Dina waktos harita di Uhud aya masjid tur pakuburan syuhada Uhud, Sholat tur zarah didinya. Saterasna perjalanan dilajengkeun ka Masjid Jum’at sareng Giblaten Masjid di Khondak. Namung tos rada siangan enggal-enggal wangsul heula ka Masjid Nabawi kanggo ngalajengkeun Arba’in di masjid nabi.
Enjingna zarah dilajengkeun tanggal 8 oktober 2012 ka Masjid Giblaten, teras sholat tahiyyatulmasjid, teras ka Gunung Magnet, teras ka Percetakan Mushaf Al-Qur’an milik Kerajaan Arab Saudi. Anu tiasa lebet ka mesin cetakna mung pameget wungkul, ari istri mah dugi ka toko sareng perpustakaan dipayun. Jelang lohor uih deui ka hotel, teras ka Masjid Nabawi da kedah neraskeun arba’in. Nyakitu sabada sholat subuh dugi ka lohor zarah-zarah saperti ka Masjid Ijabah, Masjid Bilal, Masjid Ambariyah, Masjid Chomamah, Masjid Abu Bakar.
Ari ngadu’a di Raudhoh / Taman Syurga, antawis mimbar sareng bumi rasul anu ayeuna janten makbaroh na. Antawis pameget istri aya jadwal anu benten, pameget mah salawasna waktos dibuka, upami istri mah teu tiasa sakahoyong, tapi setiap rebo sareng kemis jam 9 isuk-isuk dugi ka lohor.
Hampir sadaya jamaah upami tiasa sholat berjamaah di Raudhoh, namungan tempatna nu terbatas janten kedah sabar ngantos bari ngantri lebet kadinya gentosan.
Intina ibadah haji mung ngalatih kasobaran, ngalatih katawakalan ku seeurna jalmi sagala rupi kedah ngantri lebet ka masjid kaluar masjid, lebet ka hotel kaluar hotel ibak ka cai di hotel atawa di lantei dasar hotel.
Sadaya tempat nu bersejarah di kota Madinah tur di Mekkah biasana diprasastikeun janten masjid, mushola, Masjid Ali Bin abi Thalib Bani Nazir, Masjid Muawiyah sadayana pedah kapungkur, janten bumina masjid di Khondaq pedah baheulana janten pos penjagaan perang.
Catetan Khusus
1.     Masjid Nabawi di zaman rasul tepi kiwari tos 9 kali direhab jeung dilegaan. Kawitan pisan legana 50 x 50 meter, luhurna 3,5 meter. Ayeuna legana masjid lebetna 82 rebu meter pasagi lantei dasar, 67 rebu meter pasagi lantei luhur, sakitar 135 rebu meter pasagi lega papanggena / buruan.
2.    Mun dijaman nabi masjid teh teu acan aya munarana. Ari ayeuna jumlahna aya 10 siki, anu saban-saban munara jangkungna 104 meter
3.    Di Papangge / buruan masjid aya eskalator / tangga berjalan di sakuriling masjid kanggo nuju lantei bawah tanah anu 4 tingkat kahandap. 3 tingkat kahandap keur tempat wudu / WC ( hammamah ), anu tiap lantei aya 6 rebu keran cai wudu, 2 rebu kamar WC, sedengken salantei deui tingkat panghandapna keur parkir mobil tur jalan tol keur anu bade lebet ka masjid.
4.    Di Masjihd Nabawi aya kubah bergeser sadayana aya 27 siki emas kanggo ornament, 68 kilo beurat hiji panto, 2,5 ton tiang nu muka payung, mun siang dilebet masjid aya 12 siki, ari diluar mah jigana aya kana sakitar 120 sikian.
5.    Sholat di Masjid Nabawi gede ganjaranana, sakali sholat sarua jeung sarebu kali ganjaran sholat di masjid biasa ( Hadist Riwayat Shohih Bukhori )
6.    Jumlah panto asup sadayana aya 41 siki, ngan mung pangheulana datang mah alusna asup liwat panto Babbusalam anu langsung kana pangimbaran Raudhoh tur makam rasul, terus kaluarna ka panto baqe, teras zarah ka makam syuhada Baqe Ghorqod.
7.    Ari nu ayeuna janten makam rasul eta patilasan bumina nabi sareng bojona Siti Aisah, nyakitu Abubakar Shiddiq oge Umar Bin Khattab khulaffaurrasyidin kahiji kadua oge dimakanken saruangan sareng nabi, ngarendeng tilu makam gigireun Raudhoh. Ari ciri makam rasul eta anu luhureunana kubahna warna hejo eta jadi ciri panto Babussalam.
Poe saptu 13 oktober 2012,...
Para jamaah diwartosan yen arba’in beres nepi ka sholat asar, daek teu daek sadaya rombongan sakloter 41 bada asar ninggalkeun Madinah ngalih ka Mekkah Al-Mukarromah, sok sanajan masih pogot sono berjamaah disagigireun makam nabi. Tapi akhirna bada asar bapa sarombongan KBIH Thuba seja widi amitan teras ngantunkeun Kota Suci Mekkah.
Emmh, Gusti iraha deui abdi sadaya tiasa nepangan makam rasul, sahabat, syuhada, baqe bari sasarengan di Masjid Nabawi deui. Mung du’a tina manah nu nyumarambah teras - terasan kabayang hebat agungna jungjunan nabi. Waas ku reujeungna umat, waas ku heuyeukna masjid, ku anu ibadah, waas ku genahna pipikiran, rasa deukeut jeung Gusti anu dipusti-pusti, pamugi sing terus jadi pamatri ati sanubari, amminn.....


Babaran Ka 4                                              
KAGIATAN DI MEKKAH AL MUKARROMAH

Lain teu sono pogot ka rasul tapi seja widi bade ngalajengkeun maksad ka tanah suci anu utami di Mekkah Mukarromah, sakira jam lima sore poe saptu tanggal 13 oktober 2012, bring sadayana rombongan ngalajengkeun perjalanan seja umroh heula. Atuh di Masjid Dzul Hulaifah ( Bir All ) antara Madinah – Mekkah, bapa saparkanca liren heula di Masjid Miqot Ihrom, umroh di masjid eta bapa sholat heula tahiyyatulmasjid tur sholat umroh bari niat ihrom umroh Labbaika Allahumma Umrotan . Saterasna atuh ngalajengkeun perjalanan meulah padang pasir teu katingal nanaon poek mongkleng, diperjalanan istirahat di restoran.
Dugi ka Mekkah jam tilu subuh, sanajan masih keneh make pakean ihrom, rombongan teu langsung ka Masjid Harom, tapi ka maktab heula nyimpen koper jeng tentengan bababawaan. Nya bapa ditempatkeun di Maktab 22 Hotel Al-Hayyat Manazil, bapa kabagean kamar nomer 822 sedengkeun mamah nomer 823 lantei 8 pake lift.
Sakira bada subuh bapa sarombongan ti KBIH Thuba nembe thowaf ngurilingan Ka’bah tujuh puteran, teras leumpang gancang antara Bukit Safa jeung Marwah tujuh balikan. Teras saberes ti eta ngalaksanakeun tahallul nyaeta motong tungtung buuk minimal 3 lenjeur.
Ihrom beres, paharaman ihrom beres, teras wangsul ka pamondokan maktab anu jarakna kurang leuwih opat kilometer ti Masjid Harom.
Ari salami ihrom sadaya jamaah teu kenging jidal / papaseaan, fusuq / nyieun kagorengan, oge rofas / ngubar obat tur syahwat. Teu meunang oge keur awewe make minyak seungit, wedak, lipensetip, motong kuku jeung kabuka orat, tapi dasar ari jamaah nu sapalihna tos kolot mah loba poho sok aya oge bari istirahat di maktab kabaladosan muka kaos kaki jeung kasingsat tiung, atuh kudu didenda (dam) 15 real ngan artos jigana kacarumponan.
Kagiatan salajengna mah nyaeta ngiring berjamaah di Masjidil Harom, i’tikaf, munazat, ngadu’a, wirid, tilawatil Qur’an jeung sajabina oge zarah-zarah jiga di Madinah bari ngantos ngahajikeun, nyaeta wukuf di arofah tanggal 9 Dzulhijjah, mabit di Mudzalifah oge di Mina bari lempar jumroh dugi tanggal 13 bulan haji ayyamuttasyriq.
Rada benten sareng di Madinah, perkawis tuang di Mekkah mah teu disayogikeun ku Muasasah Maktab, janten kedah masak nyalira atanapi ngagaleuh nyalira . di sabudeureun hotel sok ngadadak seeur anu aricalan urang Indonesia anu ngamakom di Arab lami. Ritel pertokoan toserba tikawit asin dugi ka bumbu, sayuran sadayana. Tiap saratus meteran aya hiji toserba, tapi nu raos mah nya masak nyalira tiasa diatur waktosna. Nu salse mekel kompor listrik atawa teko pamanas cai, bumbu-bumbu tilembur sok dipikasono.
Kumargi bapa sarombongan ngangge Haji Tammatu, sanes qiron atawa ifrod nya wajib mayar dam, nyembelih hiji domba setiap jamaah. Atuh poe jumaah tanggal 19 oktober 2012 bapa ka pasar hewan tempat pajagalan.
Tanngal 19 oktober 2012...
Zarah saterasna ka Padang Arofah etang-etang survei ninggal tipayun tempat wukuf engke. Teras naek ka Jabal Rohmah, didinya aya tugu patepung lawungna Nabi Adam sareng Ibu Hawa ngawitan saparantos sami-sami diusir ku Allah SWT ti Syurga Firdaus ka dunya. Bari papisah Nabi Adam turun di Hindia Himalaya, dupi Ibu Hawa mah di Jeddah. Anjeuna kapisah kirang langkung 300 taunan, nembe tepung lawung deui di Jabal Rohmah Arofah, tah didinya sajarah jelema teras berkembang nepi ka ayeuna. Zarah dilajengkeun ka Mudzalifah tempat mabit haji bari nyiar batu keur maledog ambalang jumroh di Mina tea.  Ditempat nu dituju tempatna can dibuka karena memang can waktosna dibuka. Salajengna perjalanan diteraskeun ka Mina tempat Mabit cicing salami Haji Jabal Qurban, tempat pemotongan meuncit domba dam jeung Qurban. Oge jamarot tugu tempat lempar jumroh di Mina.
Jumroh ula wustho jeung Aqobah sarengse harita rombongan teras ka Masjid Jaronah, Masjid Miqot. Bapa ihrom deui, keur umroh sunat-sunat nu kadua, terus thowaf , der ka Masjid Harom, sa’i jeung tahallul.
Tanggal 20 oktober 2012 poe saptu ...
Isuk-isuk rebun keneh bapa saparakanca zarah ka Masjid Siti Aisah di Tanaim Masjid Miqot Ihrom. Terus ihrom, umroh sunat deui nu katilu kalina. Tuluy thowaf tujuh balikan, tuluy sa’i jalan-jalan kecil antara Safa – Marwah tujuh balikan, tuluy tahallul.
Tanggal  21 oktober 2012 poe ahad...
Isuk-isuk rebun bapa saparakanca zarah ka Masjid Hudaibiyah oge Masjid Miqot tempat perjanjian Rasul sareng kafir Quraisy Mekkah kanggo Rasul sareng umat Islam harita tiasa ngalaksanakeun ibadah haji taun harita.  Di Masjid Miqot eta oge teras niat ihrom umroh nu kaopat kali. Sambil ngambah perjalanan wangsul ti Hudaibiyah. Sajajalan nu disebut Syari Jeddah Khodim – Jalan lama menuju Jeddah, seeur peternakan onta. Atuh rerencangan sapalih ngusulkeun liren heula kanggo ngaraosan susu onta anu diperes langsung tina ontana.
Salajengna nyaeta teras ka Museum Haromain di wilayah Zahir tempat pabrik Kiswah ( kelambu penutup Ka’bah ). Di museum eta aya sagala barang ti Masjid Harom oge Masjid Nabawi anu parantos teu kaanggo disimpen jeung dipelihara keur bukti sejarah umat Islam. Salajengna didinya bapa ningali panto Ka’bah zaman rasul, tutup Makom Ibrahim, timba Sumur Zam-Zam, mimbar rasul, tiang lebet Ka’bah, ornament masjid, munara jeung sajabana araya, emmh...! bagja tiasa lebet kadinya.
Ahad, 21 oktober 2012...
Poe saterusna, zarah saterasna nyaeta ka Misfalah didinya aya bumi tipayunna sahabat Abubakar, Umar Bin Khatab, oge Usman Bin Affan anu ayeuna ngadeg jadi masjid. Sok sanajan nyelap di sela-sela perumahan  penduduk oge perhotelan. Teras weh perjalanan dilajengkeun ka Maulid Nabi ( tempat lahirna Kangjeng Nabi SAW ti Siti Aminah ) di Syib Amir anu ayeuna geus jadi Maktabah Mekkah Mukarromah ( perpustakaan ).
Zarah salajengna ka Masjid Jandarjia ( Masjid Jin ) nyaeta tempat para jin bai’at lalebet Islam. Teras ka Pakuburan Ma’la ( makam para sahabat oge Siti Khodijah Al-Kubro, istri pangpayunna nabi waktos di Mekkah anu pupus sateuacanna Isra Mi’raj ).
Ari kagiatan salajengna mah ngiring berjamaah tiap waktos di Masjidil Harom. Salami di Mekkah oge ngiring sholat Jum’at sababaraha jum’atan bari alhamdulillah hampir kakuriling saeusi masjid di pa-thowaf-an, di pang-sa’i-an, lantei bawah lantei dasar, lantei dua lantei tilu dugi ka lantei opat luhureun pang-sa’i-an.
Antara Sofa – Marwah gigireun Masjid Harom aya Jabal Qubaisy, tempat manggil dulur-dulur, anak-anak minantu, incu, babaturan sadaya keluarga umat Islam supados kapanggil Allah SWT angkat zarah haji tur umrohna ka Mekkah. Eta Jabal Qubaisy ayeuna disaluhureunana geus jadi Istana Pangistirahatan Raja Saudi pami ka Mekkah. Margi sadidintena linggih di Ryadh, ibukota Arab Saudi.


Babaran Ka 5                                              
KAGIATAN IBADAH HAJI DI MASJIDIL HAROM

Rebo, tanggal 24 oktober 2012...
Bada lohor sadaya jamaah haji ngangge acuk ihrom, teras niat ihrom haji miqot ti maktab / Hotel menuju Arofah dibekelan geulang warna hejo kanggo nomer maktab sareng di Arofah – Mina. Jam 12 bada lohor rombongan berangkat ka Arofah teras lebet tenda maktab 66 di Arofah. Tos dikulibeng ku pager per-maktab aya gerbangna, janten moal sasab.  Dilebet areal Arofah tos disayogikeun tuang leeuten sapuratina, cai botol ngalayah, kopi, tur enteh, cai panas di unggal juru, WC, tempat wudu oge teu kirang , namung nya kedah lebet dinu waktos nu tebih tina waktos sholat supados teu lami ngantri, oge kedah ati-ati da lanteina tina fiber, janten teu kuat kuduaan atanapi langkung. Seuer kajantenan jamaah nu tigebrus ka WC da seuer teuing eusina. Tikawit dongkap ampir tilu jam sakali aya parasmanan tuang atanapi snack rasa Indonesia.
Wukuf di Arofah leres-leres kajamin, sabudeureun tenda-tenda dilindungi ku tatangkalan anu menyejukkan, katambah ku kipas.  Kincir-kincir cai nu disebrotkeun disakuriling tenda teu matak karaos panasna.
Alhamdulillah poe kemisna tanggal 9 Dzulhijjah / 25 oktober 2012 tikawit bada lohor dugi ka magrib wukuf niat ngahajikeun.
Alhamdulillah tamat bari bungah kaeusi ku mangrupi-rupi wirid tur Tilawatil Qur’an, Khutbah Arofah dipayun dipandu ku pangersa KH. Agus ti Cileunyi, sedengkeun imamna ku kyai haji ti Majalaya, du’a ku KH. Rahmat ti Thuba Tanjunglaya. Wukuf nu ti bada lohor nepi ka magrib ieu intina haji. Sadaya malaikat turun kaeta tempat kanggo ngiring ngadu’a oge ngajajapkeun nu langsung ka Allah SWT tanpa aling-alng. Jadi, saat Wamakanul Mustajabah  ( waktu tur tempat nu paling mustajab ), pentingkeun sadaya du’a, tamplokeun didinya pisan.
Waktos magrib sareng isa di Arofah teras poe eta sadaya rombongan mulai gerak ngalih ka Mudzalifah kanggo mabit dugi ka Nisfulail  ( tengah wengi ) bari nyiar batu 70 siki keur jumroh. Istirahat sakedap didinya dilapangan nu nebrak teu aya tutup pisan bari ngantos pemberangkatan ka Mina. Masih keneh nganggo acuk ihrom sateacan subuh jamaah ngalih ka Mina. Teras menuju tenda kanggo mabit 3 wengi didinya.
Saparantos beberes sapuratina di tenda para jamaah istri pameget lontar Jumroh Aqobah 7 kali. Anapon anu teu kiat tiasa diwakilan da poe eta pisan mah banget pagelekna lima juta jelema aya dina satempat. Beres Jumroh Aqobah nembe sadaya jamaah tiasa tahallul awal, tiasa gentos acuk kunu sanes ihrom. Namung pangharaman ihrom masih tetap berlaku, nyaeta ulah jidal, fusuq, tur rofas salagina teu acan thowaf ifadoh, sa’i haji tur tahalull akhir.
Sistim pangangkutan haji ti Mekkah ka Arofah, ti Arofah ka Mudzalifah teras ti Mudzalifah ka Mina ngangge sistim tranbudi, muter teras teu aya lirenna, nu penting mobil nomer maktab na, da engke oge dijajap ka komplek maktab-na nu nomerna eta, Sanaos papisah teu samobil, upami sanomer maktab-na, engke bakal pendak deui diditu, kitu prinsipna.
Kapayun mah Insya Allah bakal tos jalan angkutan beus jalan layang, oge angkutan kereta api listrik supados ngahindar tina kamacetan.
Tipoe jumaah, 10-13 dzulhijjah 1433 H, bapa jeung mamah mabit di Mina. Jadi unggal poe ngaliwatan torowongan katempat jumroh bari teras lempar  ( baling lontar ) jumroh di tilu tihang jumroh ula wustho tur aqobah, masing-masing tujuh kali perjalmi.
Alhamdulillah Pamarentah Arab Saudi leres-leres memeres sadaya sarana haji, pang jumroh an anu kapungkur satingkat ayeuna rada lowong, da didamel lima tingkat bari saarah moal aya bentrok jiga kajadian harita. Nyakitu oge torowongan didamel dua arah anu beda sajajalan dipisah ku pager nu berangkat ka jumroh jeung nu wangsul benten jalanna, Insya Allah tos te aya pikahariwangeun deui.
Poe saptu 27 oktober 2012,
Ambalang atas sholat asar anu 21 batu Aqobah Wustho Ula. Poe ahad sareng poe senen terus ambalang aqobah wustho ula. Ari dinten senen tanggal 29 oktober 2012 saatos ambalang teras zarah ka masjid Hep, sholat maghrib 3 roka’at, ari sholat isa mah 2 roka’at. ( Di Masjid Hep mah aya kemurahan, tiasa ngalaksanakeun shalat anu opat rokaat janteun dua rokaat )
Ari salami di Mina mah tuangeun langsung disayogikeun ku muasasah mutawwifil haj per maktab masing-masing, da aya geulang warna biru nomer maktab urang anu dibagi di Mekkah sateuacan angkat ka Armina ( Arofah, Mudzalifah, Mina ).
Dinten salasa tanggal 30 oktober 2012,...
Bada duha teras ambalang deui beres jam 10 isuk-isuk. Bapa sareng mamah beres poe kaopat dikarenakan bapa sarombongan nyandak nafar sani, aya oge nu nyandak nafar awal.
Bada lohor bapa sarombongan uih ka Mekkah. Poe rebo tanggl 31 oktober 2012 bapa ngalakonan thowaf ifadoh tur sa’i. Alhamdulillah sadaya rangkaian manasik haji tikawit dugi kaakhir rengse bari lungsur langsar berkah du’a ti sadayana utamina du’a ti lembur. Keluarga, rerencangan ti STAI ( Bhakti Persada ) oge  tatangga.
Banget karasana jama’ah lalaki ku bungahna tahalull dugi ka digundul seep sadaya buukna. Tidinya bapa istirahat bari nuluykeun bari berjamaah di Masjidil Harom. Teras beberes sagala parabot babawaan oleh-oleh saayana bari ngantos waktos nu tangtos jadwal pemulangan jamaah haji kalembur sewang-sewangan di Indonesia. Bari aya sesa waktu ngajalankeun ibadah umroh.


Babaran Ka 6                                              
KAGIATAN PAMULANGAN JAMAAH HAJI KA INDONESIA

Poe kemis tanggal 8 nopember  2012,....
Petugas Kloter 41 JKS rombongan bapa sareng mamah ngabarkeun yen jamaah kloter saparakanca kudu beberes koper jeung tentengan. Poe ahad isuk-isuk geus kudu ditimbang, nu beuratna teu menang leuwih ti 32 kilo. Kusabab rombongan bapa geus kudu indit ti Mekkah, ninggalkeun hotel poe senen tanggal 12 nopember 2012. Saatos bapa sholat subuh senenna. Bapa sarombongan seja pamit ti Masjidil Harom anu disebut thowaf wada (pamitan) ka Ka’bah tur Masjidil Harom. Teras wangsul ka hotel kanggo beberes pemberangkatan ka Jeddah. Sakira waktos lohor bapa sarombongan ngantunkeun Mekkah menuju Jeddah (madinatul hujajj) lewat jalan tol lebet asrama hotel.
Isukna aya waktu sapoe bapa sarombongan ngurilingan kota Jiddah ( tina kecap Jeddah hartina nini, sabab dilungsurkeunana nini sadaya ti syurga, Ibu Hawa oge dimakamkeun anjeunna didinya ). Zarah dikawitan kamakam Ibu Hawa teras ka Masjid Qisos nyaeta tempat dilaksanakeunana hukuman qisos hudud keur para narapidana. Saperti dipotong panangan, sampean atawa dipancung dialun-alun palatarannana setiap bada sholat jum’at. Ngan kusabab harita poe salasa teu aya kagiatan hukuman. Salajengna zarah ka Masjid Apung kumargi katinggalna asa ngapung luhureun cai laut merah teu katinggal fondasina. Bapa saparakanca ningali nafuro ( air mancur luhurna 110 meteran ), tugu-tugu sejarah saperti Kapal Laut Nabi Nuh, sapedah luhur 12 meter Bani Adam jeung sajabana.
Nya sakira jam 2 siang rombongan siap-siap ngantunkeun hotel debarkasi menuju Bandara King Abdul Aziz Jeddah, bari terus dipariksa sadaya babawaan sapuratina.
Ari pamariksaan ditiap badara dina dasarna mah sarua bae, nyaeta dina raraga ngajaga bisi jamaah mawa barang-barang anu ngabahayakeun dina penerbangan saperti jarum, peso, silet, korek gas, minyak-minyak bergas atawa barang-barang anu terlarang sejenna saperti narkoba jeung sajabana. Pamariksaan dilakukeun ku petugas penerbangan ti Saudi Arabian Airlines, petugas imigrasi passport tur bea cukai masalah babawaan tur patugas bandara kanggo kasalametan penerbangan anu dipandu ku petugas haji Indonesia Daker Jeddah. Didinya bapa sareng mamah dibagi Qur’an terjemah Indonesia mushaf Arab Saudi sebagai hadiah ti Pamarentah Arab Saudi kanggo sadaya jama’ah haji sadunya. Emmh...! reues ku perjuanganana eta raja. 
Sakira jam tujuh saatos sholat maghrib bapa sakloter ditaekkeun kana kapal terbang Air Bus Boeing 707 Saudi Arabian Airlines mulang ka lemah cai, Indonesia.
Rebo tanggal 13 nopember 2012, 29 dzulhijjah 1433 H
Bapa berangkat menuju Bandara Cengkareng Jakarta, sakira jam salapan dugina. Alhamdulillah syukur kanu Maha Agung salamet berkah rahayu. Saparantos diparios susuratan passport, buku kasehatan haji tur tentengan sapuratina, teras diistirahatkeun heula ditempat nu geus disayagikeun ku petugas bandara. Jam 11 siang bapa sarombongan diberangkatkeun kana beus menuju Asrama Haji Debarkasi Bekasi. Di asrama haji Bekasi bapa dibagi cai Zam-Zam 10 leteran sareng milih koper. Bapa dijemput ti asrama haji Bekasi. Ari nu seseeurna mah beus nu menuju Lanud Sulaeman Bandung. Ari bapa mah dijemput ku anak-anak minantu, incu, dulur-dulur dipapag ku baraya, sanak kulawarga. Disambut ku bungahna anak, disampeurkeun adi jeung kolot gera mulang kalembur matuh pamidangan di Bojongkaso Desa Cihanyir Cikancung. Bari nyimpang ka Masjid Al-Burhan kanggo sholat sunat tur sujud syukur bungah amarwatasuta bungah kagiri-giri, du’a keur sakabehna.


KALIMAH PANUTUP

Hamdalah puji ka Hyang Widi Gusti Allah SWT nunyaah kasadaya umatna, Allah nu maha kawasa, kurang leuwih 42 poe lilana bapa sareng mamah ngalanglang buana indit ti Cihanyir tepi ka balikna deui. Tujuan utamana seja manasik haji di Tanah Suci, Umroh di Tanah Harom, zarah di lembah sajarah.
Mugia bapa jeung mamah sing jadi haji tur hajjah anu mabrur/mabruroh jeung terus niat kahayang baapa saanak minantu, incu-incu jeung dulur-dulur, sing bisa nuturkeun ibadah haji dina waktuna.
Sakitu nu kacatur, eta nu bisa dibeja-beja. Atuh pernak-pernik lutak-leutik moal diutak-atik, ku cape moal diperele. Isin ku Gusti meunang kahayang rencana titadina. Muga-muga we sing mangfaat ka sadayana,
Ammin ya mujibbussaa’ilin. 



Penyusun :
Wawan Ridwan
email : wawanridwancikancung@gmail.com
site : http://wawanridwan0314.blogspot.com




Posting Komentar

0 Komentar